BARNER BLOGGER

Blog Sejarah Seni dan Budaya

KIRIM CERITA ANDA KE EMAIL KAMI

RENUNGAN JIWA ENCUM NURHIDAYAT

Lencana Facebook

Entri Populer

IKLAN BLOG

PENGUNJUNG/ PEMBACA

GUSTI ALLOH MAPARIN NYAWA KA MANUSA


Gusti Alloh maparin Nyawa, dina waktu ibu ngowo (Babaran), barang gubragna turun ti BATHIN ka Alam DOHIR, tepungna dua hawa BATHIN tepung kontak sareng hawa DUNYA, kajadiana jadi NAFAS murangkalih, nyaeta ngarana NYAWA

Tiap-tiap aya NAFAS pasti aya NYAWA, NAFAS bareng jeung RASA, buktina Orok barang gubrag tina guhagarba Ceurik, tina sabab geus aya RASA, tiris buktina ngadègdèg, Anugrah ti Hyang Agung, turut-turut asal tadina, tina bibitna Manusa, Adam Hawa kitu, kapan Adam teh ceuk kitab pangna lungsur ka Alam dunya tèh geuning meunang bebendon ti Gusti Alloh. 

NYAWA minangka Piranti sofwere nu nyambungkeun SUKMA pikeun Ngendalikeun WARUGA

Nu disebat HIRUP ku HURIP Na 

Dina Wancina Sukma ninggalkeun Waruga  kusabab Nu Hirup di punut kunu Kagunganana, NYAWA masih nyarang dina Waruga. 

Hiji buktos nu ngayakinkeun ieu olah fikir (Tafakur) :
Organ tubuh manusa masih bisa didonor kangge kabutuhan nu ngabatuhkeun.
Ieu nandakeun yèn Nyawa masih can ninggalkeun Waruga / (Kurung). 

Waruga nu dibaturan Nyawa bakal balik ka asal Jati Na (Acining-acining Dunya)



Sinopsis 
======== 
NYAWA lain SUKMA 
NYAWA lain RUH 
RUH lain SUKMA
NYAWA dicipta Sarèat kuayana 2 (dua) Hawa (Lahir jeung bathin). 
SUKMA dicipta nu asal ti SIFAT Gusti (Cahaya awal/ johor Awal

RUH nu hirup di Mahluk asalna tinu Maha Hirup. (Qudrat & Irodzat) Gusti. 
Ieu disebat Tri Tangtu Manusa 

Ieu Tri Tangtu Sofwere Manusa
Benten deui Sareng Sadulu nu papat nu aya di Waruga (Zona Sagir dunya) 

Ieu nu tiasa katèmperan Rasa-rasa  "ka RUH un" urang baheula... / De javu.
Jadi teuaya sangkut paut jeung Sukma. 

Ieu disebat ranah Driver kangge Sukma tiasa ngendalikeun Waruga nu asal ti acining dunya. 

Dina Dulur nu 4 (opat) (sakabehna Mahluk Dunya) nu tangtu bènten sarèat pencipta'ana sareng Sukma/ Pancer (nu asal tina Cahaya Awal). 

Dulur nu opat nyimpen Rasa-rasa Karuhun ... kangge modal SUKMA ngajalanan kahirupan di Alam Dunya make Waruga nu Fana... 

Tong aneh mun Rasa-rasa urang geus loma/layeut diantara pangisi di ieu mandala... boa Karuhun urang baheula pernah jadi sobat dalit sadayana... 😢


Pun... sapun Ampun Paralun ka RUH muhun... 


AHUUNG SUNDA 
JATI KA RUH UN

0 komentar:

Posting Komentar

Kumaha tah saur anjeun.....

adsense

MUTIARA HATIKU