BARNER BLOGGER

Blog Sejarah Seni dan Budaya

KIRIM CERITA ANDA KE EMAIL KAMI

RENUNGAN JIWA ENCUM NURHIDAYAT

Lencana Facebook

Entri Populer

IKLAN BLOG

PENGUNJUNG/ PEMBACA

BEJA TI SOBAT DALIT (KI SANTANG)

 

Makam Syeh Rohmat Suci Godog

Ki Baduga netep di hiji tempat, nekunan ibadah nu anyar pinanggih nepi ka tilarna. Diceungceurikan ku sakabeh nu mikanyaahna ku batur dalitna nyatana Ki Santang.

Dina rek tilarna Ki Baduga nyalukan Ki Santang nu satia nungguan.. 

"Kuring rek titip ka Akang"… 

"Naon Yi," cenah. 

"Teruskeun tugas kuring ngadegkeun akidah ka Gusti Allah… Kuring rek mulang ka manten-Na". 

"Duh Gusti," cek Ki Santang, ulah nyarita kitu… Kuring kumaha ?" Ki Santang reumba ku cipanon.

Bari ngalengis Ki Santang nyarita, 

Ki Rasa Manusa


"Iraha deui kuring boga dulur jiga Ayi." Ceurik, duanana ceurik. Dua mahkluk gagah rongkah tina dua bangsa jumerit hatena kapisah ku takdir makhluk. 

"Duh Gusti, "Ki Santang ngarenghik deui, cipanona tambah ngarembey… Ki Baduga teu kawawa, milu muragkeun cipanon…

Ragrag cipanon kanyaah… Kanyaah nu leuwih ti dulur sakandung… Dulur tina sobat dalit, ti dua jalma (makhluk) nu beda bangsa…Turutaneun aranjeun…

"Ulah kitu Ki… Akang kudu ikhlas," Ceuk Ki Baduga bari dadana sesek nahan cipanon. "Kuring rek nitip, handeuleumkeun dayeuh jeung eusina, sakur pakaya kuring di mana wae ayana, bawaan teundeun di dayeuh. Kuring geus nyadiakeun salawe leuit. Jaga ku Akang sabisa-bisa. Kadua ulah hariwang, ke dina mangsana… aya manusa jiga kuring nu boga hate jiga kuring… Ke datang ka ngimpi akang…". 

"Yi, ulah ninggalkeun akang… Duh Gusti…akang kumaha ?".. 

"Ulah hariwang kang, anggur mundut ka Nu Kawasa kuring sing salamet nyanghareupan hisab kubur."…

Der duanana pa ungku- ungku inget kana dosa-dosana. Cipanon dua prabu ragrag ka dunya.

"Kuring nitip rahayat kuring, nu bakal kaleungitan cepengan nepi ka bijil nu tiluan… Nu Saurang bakal dibarengan ku akang, mantuan nu tiluan… Lempengkeun akidahna… Bantuan ku akang… Nitip kuring…Engke dina mangsana bikeun bekel ti kuring…Nyanghareupan hiji jaman nu rusak…

Jaman nu rusak ku kahayang…". Saung butut jadi saksi sobat dalit nu rek kapisah ku takdir…Ajal… Saung butut nu jadi saksi… Nepi ka tilarna… Ki Santang ngalenyap… Di usap tarang baturna…Euweuh nu nyaksian (makhluk hirup lain salian ti Ki Santang)… Ngan duaan… Ki Santang ngalenyap…



Cag....

 


0 komentar:

Posting Komentar

Kumaha tah saur anjeun.....

adsense

MUTIARA HATIKU