BARNER BLOGGER

Blog Sejarah Seni dan Budaya

KIRIM CERITA ANDA KE EMAIL KAMI

RENUNGAN JIWA ENCUM NURHIDAYAT

Lencana Facebook

Entri Populer

IKLAN BLOG

PENGUNJUNG/ PEMBACA

ISLAM CEUK SUNDA

Jajaka Pajajaran
Man arofa nafsahu faqod arofa robahu
Sundana: Saha-saha nu geus nyaho kana dirina sorangan, tangtu nyaho ka pangeranna.
 

Waman aroba robahu faqod jahilan nafsahu
Sundana: Jeung saha2 anu geus nyaho ka Pangeran, tangtu ngarasa bodo dirina, karana tangtu kaharti si jasad moal bisa usik malik lamun teu didaya upayakeun ku Pangeran.
 

Sidik ieu si jasad teh ulah ngaji kitab anu keuna ku ruksak bae, tapi kudu ngaji kitab anu langgeng, kapan ceuk hadis oge kieu;
 

Iqro kitabaga kafa binafsika alyaoma alaeka hasiba
Sundana: Maneh kudu ngaji kitab anu langgeng nyaeta kudu ngaji kitab anu aya dina diri maneh sorangan, geura teangan qodrat iradatna Pangeran dina diri sorangan, karena leuwih nyata kakawasaanna Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata ilmuna Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata hirupna Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata tingalina Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata danguna Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata pangandika Pangeran teh dina diri sorangan, karana ceuk dalilna oge;
 

Wahuwa maakum aenama kuntum
Sundana: Allah ta’ala teh ngabarengan bae ka umat2na sakabeh, dimana bae aya, aing didinya aya, tapi sategesna ngaran dibarengan ku Allah ta’ala teh, nyaeta qodrat-irodatna, jeung ku ilmuna, kapan sidik dina sifat dua puluh oge geus ngarangkep-rangkep;
 

Saperti :
Hayat jeung Hayan, Hayat hartina hirup; Hayan anu hirup.
Sama jeung Samian, Sama hartina dangu; Samian hartina anu ngadangu.
Basar jeung Basiran, Basar hartina awas; Basiran hartina anu awas.
Kalam jeung Mutakaliman, Kalam hartina ucap; Mutakaliman hartina anu ngucap.
Qodrat jeung Irodat, Qodrat hartina kawasa; Irodat hartina anu ngersakeun (kersa).
Naon anu kawasa dina diri urang teh? Teu aya deui liyan ti Hirup buktina geuning bisa usik. Irodat hartina karesa nyaeta buktina;
Panon bisa ningali
Cepil bisa ngadenge
Pangambung bisa ngangseu
Baham bisa nyarita

 

Tuh geuning sidik teu pisahna teh, ayeuna mah atuh ngan kari teangan barangna bae, siga naon sifatna qodrat atawa hirup teh, siga naon sarta wajib kapanggihan supaya bisa kaharti jeung karasana, ulah percaya ceuk beja , kudu yakin ceuk sorangan .
 


NERANGKEUN HARTINA IMAN JEUNG MARIFAT
 

Ari iman teh hartina percaya, marifat hartina nyaho. Geuning beda iman jeung marifat teh, ana kitu atuh urang percaya ayana Allah teh kudu jeung nyahona (marifat), upama teu jeung sidikna mah atuh imanna iman taqlid, jadi ngakuna parcaya ayana Allah teh, ceuk beja batur, atawa meunang beja tina kitab bae, jadi anu kitu paham teh sarerea, iman ka Allah teh semet percaya kana ayana bae, pedah aya dadamelannana bumi jeung langit, atuh ana kitu mah sumawona nu nyekelan agama Islam, kapan anu nyekelan agama sejen2 oge pada parcaya; pada percaya kana ayana Allah ta’ala mah, atuh naon bedana agama Islam jeung agama-agama sejen? 

Pedah eta kitu agama Islam mah ayarukunna, 1 Sahadat, 2 Solat, 3 Zakat, 4 Puasa, 5 Munggah haji? Kapa dina agama sejen oge pada aya sahadatna, pada aya solatna, ngan beda patingkahannana jeung bahasana wungkul, maksudna mah tangtu sarua, kapan tadi ge agama Islam teh pang luhung2 na ti agama2 anu sejen, da kapan kieu dalilna ge:
Al insannu sirri waana sirruhu Sundana: Rasa Muhammad teh nya rasa Allah, rasa Allah nya rasa Muhammad, tegesna kanyaho Muhammad nya kanyaho Allah. Aya deui ceuk hadis;
 

Ila haqqo billa haqqin, Illa haqqin billa haqqo
Sundana: Muhammad teh hak Allah, Allah hakna Muhammad, tah kitu anu matak agama Islam teh disebut pang luhur2na teh, lantaran pang parek2na ka Allah ta’ala, moal aya Allah lamun teu aya Muhammad, moal aya Muhhamad lamun teu aya Allah, tegesna moal aya sifat lamun teu aya Dat, moal aya Dat lamun teu aya Sifat,anu matak Kanjeng Rasulullah disebut Panghuluna Rasul, jeung disebut babuna roh sakabeh, jadi agama Islam pang disebut pangluhurna eh nyaeta kusabab aya hak marifat ka Allah ta’ala, kapan bukti Kanjeng Rasulullah tiasa Mi’raz, barang ka beh dieuna mah, Kanjeng Gusti Syarif Hidayat kutup Cirebon, mi’razna teh tiasa tepang sareng hakekatna Kanjeng Nabi Muhammad sollahu alaihi wasalam, nyaeta disebut Johar Awal tea, tegesna Sifat anu Maha Suci, saur para Wali mah sajatine hirup, atawa sajatining Sahadat, nyaeta gulungna Dat jeung sifatna anu Maha Suci, 


Sanajan urang oge upama bisa kapanggih mah jeung Wali, Insya Allah bisa tepang sareng hakekatna Rasululloh, samangsa2 geus bisa tepung jeung hakekatnna Rasulullah, kakara urang diaku umatna, samangsa-mangsa geus diaku Rasululloh Insya Allah engke bakal dicandak kana kasalametannana anjeuna, nyaeta kana kasucian, upama teu acan terang kalawan yakinna ka Rasulullah, boh kana majajina, bo kana hakekina, tur acan sah urang ngaku jadi umat Rasulullah teh, karena dina rukun syahna maca sahadat, geus diterangkeun dina kitab :

1. Kudu netepkeun heula Datna Allah ta’ala
2. Kudu netepkeun heula Sifatna Allah ta’ala (20)
3. Kudu netepkeun heula Asmana Allah ta’ala (99)
4. Kudu netepkeun heula sarta sidik heula ka Rasulullah.
 

Tah geuning kitu syahna maca sahadat teh, geuning kudu sidik heula ka Rasulullah, upama teu acan nyaho kana sifat2na, sabab basa netepkeun teh kudu puguh heula barang2na anu ditetepkeunnana, geuning kitu satementemena maca kalimat ssahadat teh, lain da rapon nyebut bae, karana ari darapon nyebut bae mah budak lembut oge pada bisa, numatak wajib jeung nyahona, sabab upama teu jeung nyahona mah ibarat urang maca programna bioskop anu rame tapi teu jeung lalajona, naha jadi kanikmatan ka urang. Kitu deui sanajan teu jeung maca programna tapi lalajo datang kana tempatna eta bioskop, naha utama mana? Utama anu maca programna atawa utama anu lalajona?

58 komentar:

Unknown mengatakan...

kumaha bisa nyahao, bahwa pangeran teh aya dina dri sorangan... Mun ktu pangeran aya loba,da di setiap diri manusa aya pangeran...

13 Juli 2013 pukul 02.15
Anonim mengatakan...

Dimana ayana Alloh : dimana aya dadamelanna, dimana moal aya barang anu aya lamun teu aya anu ngayakeun.
Tafakureun

31 Juli 2013 pukul 06.01
wakanciledaneling mengatakan...

punten sateu acana mg mulyana,aya na alloh di nu jalma iman..nganyaho kn pangeran teu di gambar kn ku akal pikiran..bersih kn hate ku aya na hijab dina diri ,,,..aos lenyepan keterangan nu di luhur,,jalan na tarekah teu bisa ku jalan lalawora...

18 Januari 2014 pukul 12.57
Unknown mengatakan...

Ngudagna kana papat kalima pancer gera kang maulana. Tp Puntennya kedah di amping kunu jd guru. Ulah lalawora ngemutan sorangan.

23 April 2014 pukul 22.14
Unknown mengatakan...

Ngudagna kana papat kalima pancer gera kang maulana. Tp Puntennya kedah di amping kunu jd guru. Ulah lalawora ngemutan sorangan.

23 April 2014 pukul 22.16
mildi mengatakan...

Ari perkara nu fana jeung nu langgeung pisah kitu kang....

13 September 2014 pukul 08.30
Unknown mengatakan...

nareangan naon yeu teh?

16 Januari 2015 pukul 01.30
anwar453 mengatakan...

Guru kana ngaji diri pami di wilayah tasik singaparna dimna ayana nya nanawi aya nu terang?? Hatur nuhun

21 September 2015 pukul 14.51
alexandria mengatakan...

Sami saya ge ti karawang,,nuju milarian guru kana ngaji diri...dimana nya kang? Wios tebih ge,,haturnuhun.

18 Oktober 2015 pukul 21.41
alexandria mengatakan...

Sami saya ge ti karawang,,nuju milarian guru kana ngaji diri...dimana nya kang? Wios tebih ge,,haturnuhun.

18 Oktober 2015 pukul 21.41
Unknown mengatakan...

dikarawang mah pilarian we bapa latif di kutalanggeng kec. tegalwaru. insyaallah.

28 Oktober 2015 pukul 13.40
Anonim mengatakan...

urat beuheung jeung beuheung masih aya antarana... urang sareng Allah SWTteu aya antarana.. keterangan dina salah sawios surat... mangga tafakuran....

4 November 2015 pukul 15.24
Unknown mengatakan...

laesakamislihi

14 November 2015 pukul 22.21
Unknown mengatakan...

Hapunten sateu acan na urg sami" lenyepa siloka atanapi paripaos hoyong kenal kana diri dzat sifat asma kudu ka lenyepan hela tah ieu paripaos ngandung siloka anu bener" jg isina gedena sagede munding rupana kawas hurang

10 Maret 2016 pukul 15.58
Unknown mengatakan...
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang. 25 Maret 2016 pukul 19.20
Unknown mengatakan...

Punten ngiring tumaros fami di sukabumi kinten2 na aya teu mursyd nu tiasa ngaping pikeun ngaji diri. Ufami aya nyungkeun pituduh saha sareng dimana. Htr nuhun

25 Maret 2016 pukul 19.22
Unknown mengatakan...

Punten akang " mamanawian di tasik aya guruna ngaji diri pami aya mah sim abdi hoyong di ajar ka mantena.. hatur nuhun sateacana

15 Mei 2016 pukul 21.38
Unknown mengatakan...

Punten akang " mamanawian di tasik aya guruna ngaji diri pami aya mah sim abdi hoyong di ajar ka mantena.. hatur nuhun sateacana

15 Mei 2016 pukul 21.39
Unknown mengatakan...

Bandung mana kang?? Abdi kircon

17 Juni 2016 pukul 15.00
Unknown mengatakan...

Mangga....da nami na pangarti mh kedah tetep di pilari....ngarah teu poekeun....

5 Juli 2016 pukul 11.11
Unknown mengatakan...

Mangga....da nami na pangarti mh kedah tetep di pilari....ngarah teu poekeun....

5 Juli 2016 pukul 11.11
Unknown mengatakan...

Assalamualaikum.....simkuring kataji pisan ku artikel anu dipangpangkeun diluhur. Kuring kageuing ku eusina. Manawi aya nu uninga kinten kinten di sekitar kabupaten purwakarta ayana didaerah mana nya Pangersa guru anu mursyid. Pikeun kuring ngaji diri ngaji rasa. Da gening leres pisan saur paripaos mun teu ayeuna rek iraha,sareng mun teu ku urang rek kusaha. Haturnuhun. Assalamualaikuuum...

7 Juli 2016 pukul 08.27
thorikgun mengatakan...

Leres kang, mun ngaji tulisan/kitab wungkul mah moal bisa mulang, moal bisa panggih jeung pangeran. Beuki dikaji malah beuki jauh ti pangeran, tungtungna malah jadi agul ku payung butut.

Tapi mun dibarengan ku ngaji diri (ngaji kalimah/ngaji eusi) mah bakal nepi ka pangeran bakal panggih jeung pangeran.

Jeung lamun nu bener2 hayang mulang mah bakal panggih jeung mursidna (nu nganteur), can neang geus diteang, can indit geus nepi, can balik geus mulang.

16 Juli 2016 pukul 05.03
dadand hermawand mengatakan...

Ngaji rasa jeung ngaji pikir, ieu elmu kekinian bangeds, mangga bilih aya anu linggih di cimahi aya guru mursyid anu linggihna di cimahi kel gempol / melong asih.

8 Agustus 2016 pukul 16.17
Unknown mengatakan...

Langkung sae artikeun heula makna sare'at, tarekat, hakekat sareng ma'rifat,,upami tos ngartos sok emutan teras lakonan,,kin oge kapendak geura sakedik-sakedik,,,

9 Agustus 2016 pukul 21.32
ruang rahasia mengatakan...

ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak..

21 Agustus 2016 pukul 04.28
Unknown mengatakan...

Tauhid euy, can nepi elmu na

31 Agustus 2016 pukul 22.03
Unknown mengatakan...

Tauhid euy, can nepi elmu na

31 Agustus 2016 pukul 22.03
Encum Nurhidayat, SP mengatakan...

Haturnuhun Kasadayana....

1 September 2016 pukul 22.11
Unknown mengatakan...
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang. 2 Desember 2016 pukul 01.21
Unknown mengatakan...

Mangga sim kuring linggih di bandung maqom aracamanik.. 08986868540

2 Desember 2016 pukul 01.21
Unknown mengatakan...

alhamdulilah gening seur anu milarian jati ning diri .. mugia sing di pendakkeun sareung kanu mantenna ..
datangkeun heula nur
tapi kade ulah ngadatangkeun nar ..
salam baktos ti abdi .. ajat ti rancaekek ..

5 Desember 2016 pukul 23.06
Unknown mengatakan...

1.KURING WAWUH KURING APAL KURING DEUKEUT KURING AKRAB
AI GEUS AKRAB MAH TONG BORONING DI PENTA , TEU DI PENTA OGE TOS LANGKUNG UNINGAEUN KERSANA SAGALANA OGE BAKAL BARIS KACUMPONAN KALIH RIDHONA. , ,

2. KURING APAL TAPI KURING TEU AKRAB . . .
RAJEUN HAYANG KUDU WEH DIPENTA BARI JEUNG MAKE SARAT..
KITU OGE TANAWURUH DIBEREKEUN . ..HEU ULAH WAKA NGAKU IMAN LAMUN CAN DIUJI ETA KAIMANAN SAMANGSA ANU DI UJI TEH LIR IBARATKEUN EMAS PERMATA

3. KURING TEU WAWUH KURING TEU APAL , , KOMO DEUI AKRAB, , KUMAHA MENTANA , , WAWUH JEUNG APAL GE HANTEU ? HARRR,,, MONTONG SOK AKU-AKUAN NGABOBODO DIRI SORANGAN BODO KA TOTOLOYO TARA DAEK DI AJAR JEUNG EMBUNG NYAHO , SING SAHA-SAHA ETA JALMA DI DUNYA KADUA LENGEN KATUT RAMO`NA TEU DIPAKE PERANTARAAN NYAKSI KA ALLAH PANNGERANNA MANGKA ETA JALLMA KASASAR LAMPAHNA DUNYA RAWUH AHERAT

HAPUNTEUN BILIH AYA KECAP TULIS NU TEU KA UKUR BASA NU TEU KA DUGA NYUNGKELIK KANA MANAH SIMKURING NEDA PANGAMPURA

SALAM PANGWANOH KUM KASADAYANA SIMKURING PALIHAN SUKAASIH BANDUNG TIMUR

19 Desember 2016 pukul 01.03
Joy kurnia mengatakan...

Di Bandung na palih mana pangersa.. ? Manawi luntur galih masihan terang alamat na, seueur geuning nu hoyong di ajar babarengan.

22 Desember 2016 pukul 08.41
Joy kurnia mengatakan...

Hoyong ngiring diajar manawi...

22 Desember 2016 pukul 08.43
Joy kurnia mengatakan...

Hoyong ngiring diajar manawi...

22 Desember 2016 pukul 08.44
Anonim mengatakan...

Gesek na batu. lempang na sireum.galeuh na kangkung.napak na soang di awang awang.

11 Februari 2017 pukul 14.16
Unknown mengatakan...

Sae sadayana ge waleran na sareng ts na..ayeuna udagna na rasana..sabab punten milarian pangeran mah komo ningal pangeran moal katingal kusaha wae..margi..pangeran mah geus ngahiji dina dina urangna..cobi weh aos aosan teras cakeutkeun pasti moal ngadon siwer moal ka aos..da saking cakeutna..tah nu maha kawasa ge kitu..saking ngahijina sareng dirina urangna moal katingal da moal tiasa katingal iwal kengengna ku Rasana..

20 Mei 2017 pukul 10.01
Unknown mengatakan...

Qullu umatin wa Rusullihi..
dina sakabeh umat katetepan Rasulullah...hartina rasa Allah..

20 Mei 2017 pukul 10.18
Unknown mengatakan...

Mangga dongkap ka arcamanik Jl taekwondo 50

21 Mei 2017 pukul 01.08
Unknown mengatakan...

Mantaaapppppppp....

14 Agustus 2017 pukul 23.31
Unknown mengatakan...

Mantaaapppppppp....

14 Agustus 2017 pukul 23.34
ciendhyz_area mengatakan...

Alhamdullilah.. hatur nuhun

21 Agustus 2017 pukul 00.08
Unknown mengatakan...

tauhid "sikap pasti meyakini jeung ngabuktikeun ku ucap tekad jeung lampah,yen Alloh teh bener² maha tunggal."

23 Agustus 2017 pukul 19.26
Unknown mengatakan...

Gusti alloh ko d cari.. aneh....

19 September 2017 pukul 13.22
Unknown mengatakan...

Gusti alloh ko d cari..aneh..

19 September 2017 pukul 13.23
Syair Langit mengatakan...

"Inna Lillahi Wainna Ilaihi Roji'un" Asal ti Alloh Mulih deui Ka Alloh, Singhoreng gening urng teh kedah mulih Ka Alloh. Teh..!! Sanes dicandak, komo dipaksa mah. SubhanAlloh Maha Suci Alloh. Nya kepndak namah kunu suci deui we, Mustahil Maha Suci tiasa dicaketan kunu kotor, Djazakalloh.. Mugia aya dina ridho Alloh Sadayana, kggo nu niat nyucikeun.

12 November 2017 pukul 23.19
YAYA RUSYANA mengatakan...

Sifat manusa
Lemah.
Lalai.
Bodo.
Zalim.
Pohoan.
Ingkar.
Lopet/pelit.
Sarakah.
Pamer.
Sieunan.
Teu percaya diri
Gampang dibobodo
Khawatir sedihan
Sok buru-buru
sok resep heureuy.
sok putus asa.
Kufur kana nikmat.
sok prasangka.
sok berangan-angan.
Sok Teu adil
teu pernah ngarasa puas.
Sok debat.
Sok ngaruksak
Suka ngaremehkeun firman Allah
Sok itung-itunngan rezeki.
sok nyampur adukeun nu hak jeung batil .
Sok ngejek jeung dan olok-olok:
sok nyokot hak batur.
Sok kaleuleuwihan ngaleuwihan batas
kumaha tiasa ngahiji sareng Sifat Allah. siga duit kencring kalah patukang tukang hareup jeung tukangna cag !

11 Februari 2018 pukul 21.14
Unknown mengatakan...

hatur nuhun tos ngageuing

20 April 2018 pukul 17.55
Unknown mengatakan...

hatur nuhun tos ngageuing

20 April 2018 pukul 17.56
A Muhammad Saefullah Hidayat mengatakan...

Pangeran mah hiji .ngan ngabarengan ka sakabeh umat na ..

1 September 2018 pukul 12.46
Anonim mengatakan...

Asslkm kasadayana punten manawi hyg pendak srg nu mursyid aya si aukabumi tmptna di goalpara kersana almukarom walmuhtarom kang arfan nami pasantrena pajada.htr nhn ieu mah tambih elmu srg pengalaman seeur nu riadhoh timana2

19 September 2018 pukul 00.33
Unknown mengatakan...

Kang punten kuta langgeng teh luas.. Nyuhunkn alamat nu jelas..hatur nuhun

28 September 2018 pukul 08.41
Unknown mengatakan...

Di subang kang

31 Oktober 2018 pukul 00.00
Encum Nurhidayat, SP mengatakan...

hapunten anu kasuhun, rehna simkuring nembe buka ieu Blog, sabab nembe kabuka pasword na, hihi
hilap harita teu ka simpen di otak nu paranti nyimpen ingetan

28 Juni 2019 pukul 15.11
Encum Nurhidayat, SP mengatakan...

ALLOHUMMASOLIALLAMUHAMMAD WAALLAALIMUHAMMAD

17 Juli 2020 pukul 09.33
Ki Rasa mengatakan...

Haturnuhun nu tos rurumpaheun kersa linggih di web Kuring...🙏

2 September 2022 pukul 06.51
Anonim mengatakan...

Aya di Tasik warung peuteuy

31 Desember 2023 pukul 02.04

Posting Komentar

Kumaha tah saur anjeun.....

adsense

MUTIARA HATIKU