SILOKA SANGKURIANG
Sasakala
Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nugumelarna ka dunya mangrupakeun
papasten ti Nu Maha Kawasa, ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa.
Ingsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tina saripati dunya,
nyaeta acining bumi, acining cai, acining angin/hawa jeung acining seuneu,
ngaliwatan kadaharan jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeung panas nu
diserep.
Kulantaran raga asal tina saripati dunya, nya tangtu timbul napsu-napsu dina
diri manusanu asal ti dunya, sedengkeun gumelarna Ingsun ka dunya oge
ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu, sabab mun teu aya napsu tangtu moal aya
kahirupan di dunya, kulantaran eta teu meunang maehan napsu, tapi kudu
dikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan. Elmu Sunda teu ngajarkeun
manusa pikeun tatapa ninggalkeun urusan dunya, sabab eta hartina sarua jeung nu
ngaleungitkeun hakekat kamanusaanana.
Keur kahirupan di dunya ingsun kudu motekar nempa diri sangkan luhung ku elmu jembar ku pangabisa, tapi kudu inget Ingsun lain urang dunya sabab asal ti Nu MahaSuci nu tangtu ngabogaan kawajiban pikeun ngaping jeung ngajaga diri sangkan sagala tekad, ucap jeung langkah teu ingkar tina papagon kamanusaan jeung kasucian (kawin/manunggaling kuring jeung kurung). Dina raraga ngawulaan kabutuhan raga/kurung,ingsun(kuring) ngagunakeun tujuh Pangawasa Gusti nu ngancik dina dirina, nyaeta pangawasa, pengersa,hirup, pangrungu, pangandika, awas jeung pangangseu (guriang tujuh).
0 komentar:
Posting Komentar
Kumaha tah saur anjeun.....