BARNER BLOGGER

Blog Sejarah Seni dan Budaya

KIRIM CERITA ANDA KE EMAIL KAMI

RENUNGAN JIWA ENCUM NURHIDAYAT

Lencana Facebook

Entri Populer

IKLAN BLOG

PENGUNJUNG/ PEMBACA

BAB I DINA NETELAKEUNTAUHID AFAL

 ( Hartosna : Nganunggalkeun ALLAH dina sakabeh perbuatan )

Kanyahokeun ku anjeun heh mumin salik,saenyana hanteu aya nu mantak ngalesotkeun ka anjeun tina sagala perkara anu mantak bahaya anging itikad anjeun jeung syuhud rasa anjeun, yen sagala perkara anu berjalan disakabeh alam anu sifatna papasangan eta sadayana ti gusti Allah ta’ala, atawa eta perbuatan teh goreng dina rupina tapi heunteu dina hakekatna. Ari sabab anu kasebut goreng teh dina hakekatna mah sae, kujalaran sadayana oge timbul tinu sae, nyaeta ti hadrot Allah ta’ala, kumargi tiap-tiap anu timbul ti hadrot Allah ta’ala eta sae bae tina hakekatna mah. Tapi dihukuman gorengna teh dina lahirna, saparantosna datang hukum syara, ku diutusna para Rosul anu ngemban tugas tableg ti Allah ngajak Tauhid ka anjeuna sareng pikeun netelakeun kana aturan hirup kumbuhna manusa didunya sareng kahirupan jaga diakherat, umajak kana kahadean, nyarek kana kagorengan, sangkan salamet didunya, bagya diakherat. Anu padahal ete sadayana teh, boh alusna,boh gorengna,qodar papasten ti Allah, nyaeta anu disebut Af’al Allah dina ieu Elmu Ma’rifat mah. : Carana Tekadkeun ku hate anjeun, tingali kupanon ajeun, yen sagala perbuatan diri anjeun sareng sakabeh mahluk, obahna sareng cicingna, eta timbul kabeh ti Allah ta’alla. Ari ngabangsakeun perbuatan (Af’al) ka mahluk eta mah majazi sanes Hakeki, sabab hakekatna mah sadaya perbuatan eta ti Allah ta’alla Boh Mubasyaroh (secara langsung) atawa tawalud (sacara henteu langsung). - Hartosna perbuatan Mubasyaroh, nya eta saperti robahna Kalam dina Panangan anu nyerat. - Hartosna perbuatan Tawalud, nyaeta anu jadi tina perbuatan Mubasyaroh, saperti raragna batu tina leungeun anu maledog. Ari dalil-dalil anu nuduhkeun kana yen sagala perbuatan eta timbul ti Allah ta’ala, henteu aya dinu sanesna, saperti dawuhan Allah ta’ala : Hartosna : “ Sareng ari Allah eta anu nakdirkeun / ngadamel aranjeun kabeh sareng perbuatan aranjeun “ (surat Ash-shaffat ayat 96). Jadi urang jeung perbuatan urang-urang jeung robahna urang jeung cicingna-eta kabeh af’al Allah (mahluk Allah). Dawuhan Syech Muhamad bin Sulaeman jazuli rohimahulloh dina syarah Dallailul Khoerot : “ heunteu aya hiji cariosan perbuatan usik malikna sihamba, anging eta kabeh tina elmuna Allah, Qodlona sareng Qodarna” sareng deui dawuhan Allah ta’ala dina surat Al-anfal Ayat 17 : Hartosna : “ Jeung teu pati-pati maledog anjeun(Heh Muhamad) dina waktu anjeun maledog,tapi hakekatna Allah anu maledog” Jadi ieu ayat teh nuduhkeun kana tunggalna Af’alna. Sareng sakumaha dawuhan kanjeung Nabi Muhamad SAW : Hartosna. “Heuteu aya daya jeung Heuteu aya kakuatan anging daya sareng kakuatan Allah wungkul Anu maha luhur Af’alna tur maha agung Dzatna sareng Sifatna.” Sareng deui dawuhan Kanjeung Nabi Muhamad SAW : Hartosna . ” Heunteu robahna hiji Atum anging pasti kalawan pangersa Allah “ (Durun Nafis). Sareng deui isaratna Kanjeung Nabi Muhammad SAW mantena henteu ngadu’akeun ka kafir Quraesy anu kacida nganyerikeunana, sabab mantena mandang kana sadaya perbuatan eta dinisbatkeun ka Allah ta’alla. Dalil nu nuduhkeun yen kaawonan ti Allah ta’ala,sapertos du’a Nabi Muhamad SAW : Hartosna : “ Ya Allah, Abdi nyalindung ka gusti tina kagorengan anu timbul ti Gusti “ (Durun Nafis). Sareng deui Dawuhan Allah ta’ala dina surat An-Nisa Ayat 78 : ………. Hartosna : “ Bejakeun ku Anjeun (heh Muhamad), sakuliahna (kasaean sareng ka awonan) eta ti Allah ta’ala”. Kukituna jelas atuh yen kajahatan eta timbul ti Allah ta’ala. Ngadamel conto ahli ma’rifat,(supados nyaketkeun kana paham tapi heunteu dina hakekatna mah) nya eta sadayana mahkluk the sapertos wayang dina heunteu ngagaduhan perbuatan sorongan,wungkul perbuatan dalang. Sapertos Dawuhan Allah ta’ala dina surat Hud ayat , Hartosna : “ Heunteu aya hiji makhluk nu kumarayap anging Allah anu ngagerakeun”. LENYEUPKEUN: Lamun anjeun ngabiasakeun pelongan saperti kitu, sarta sungguh-sungguh ku panon sareng ku hate anjeun, tanwande sadayana wujud nu majazi eta musnah karungkup ku caangna Nur wujud Allah anu Hakeki, kumargi dina hakekatna makhluk teh ADAMUN MAHDUN hartosna mah hanteu aya bolongkotana mah. Sareng deui salamet anjeun tina saniskara bahaya dunya sareng akherat. Eling-eling heh dulur kabeh, sanaos sadaya perbuatan eta perbuatan Allah ta’ala, mangka poma anjeun ulah ngarempak hukum syari’at sabab anjeun dibere akal pikiran jeung parasaan. Jadi wajib anjeun ngalaksanakeun sadaya piwarangan Allah sareng Rosulna, sareng wajib anjeun ngajauhan cegahanana, ulah pisan-pisan anjeun nekadkeun gugur taklif syara’, sabab lamun tekad anjeun kitu, niscaya anjeun ka asup kafir zindik, na’udzubillah min dzalik.  (bersambung....)

0 komentar:

Posting Komentar

Kumaha tah saur anjeun.....

adsense

MUTIARA HATIKU