UGA WANGSIT SILIWANGI
Carita Pantung Ngahiangna Pajajaran
Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepunNyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!
Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina
sateuacana ngahiang: Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia
kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia
pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu
marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang
sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari,
tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman!
Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes
jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.
Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!
Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak!
Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!
Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal kaseundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!
Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré ciri ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nunyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.
Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.
Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.
Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.
Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja.
Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh
titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui
jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong
bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di
urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan
jeung rajana lain teureuh Pajajaran.
Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu
beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran
di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta
duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong
eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani
ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan.
Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui
nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina
cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté
hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup
kana aseupan............................. Da bonganan, nu ngebonna
tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba
teuing, ngan pinterna kabalinger.
Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari
nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur
paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang
sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup
ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan,
ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana
ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana
nyiar-nyiar pimusuheun.
Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran
didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi
gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup
mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman
manusa dikawasaan ku sato!
Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing
nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di
alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha
mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut,
ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo
marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut?
Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta
bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi
kabarérang.
Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu
meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel
gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun
ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna
di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum
ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta
tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan
jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka
Lebak Cawéné!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.
Tapi ratu saha?
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.
Tapi ratu saha?
Ti mana asalna éta ratu?
Engké ogé dia nyaraho.
Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!
Jig geura narindak! Tapi,
Jig geura narindak! Tapi,
ulah ngalieuk ka tukang!
RA HA YU SUNDA



0 komentar:
Posting Komentar
Kumaha tah saur anjeun.....