ISTILAH RUNDAYAN URANG SUNDA
RUNDAYAN TURUNAN
1. Kuring (Bapa/Indung)
2. Anak
3. Incu
4. Buyut
5. Bao
6. Udeg-Udeg
7. Canggah
8. Waréng/Canggahwaréng
9. Kaitsiwur/Gantungsiwur
10. Gêrpak
11. Tambakgalêng
12. Dêngdêng
13. Jumlêng
14. Amlêng
15. Pet Ku Hinis
Istilah Pancakaki
1. Rundayan Atawa Turunan
Anak turunan kahiji.
Incu turunan kadua, anakna anak.
Buyut anak incu.
Bao anakna buyut.
Janggawaréng atawa canggahwaréng, anakna bao.
Kaitsiwur, anak janggawaréng
2. Ka luhur
Bapa, lalaki nu boga anak, salaki indung.
Indung, awéwé nu boga anak, pamajikan bapa.
Aki, bapana indung atawa bapa.
Nini, indungna indung atawa bapa.
Buyut, indung/bapana aki atawa nini.
Bao, indung/bapana buyut.
Janggawaréng, indung/ bapana bao.
Kaitsiwur,indung/bapana janggawaréng.
3. Ka Gigir
Adi, dulur sahandapeun.
Lanceuk, dulur saluhureun.
Emang/ Paman, lalaki, adina bapa atawa indung.
Bibi, awéwé, adina bapa atawa indung.
Uwa, lanceuk bapa atawa indung.
Alo, anak lanceuk.
Toa, anak adi.
kapiadi, anakna emang atawa bibi.
kapilanceuk, anakna ua.
Incu ti gigir, incuna adi.
Aki ti gigir, lalaki, adina atawa lanceukna aki/ nini.
Nini ti gigir, awéwé, adina atawa lanceukna aki/nini.
Ua ti gigir, anakna lanceuk aki/ nini.
Emang ti gigir, lalaki, anakna adi aki/ nini.
bibi ti gigir, awéwé, anakna adi aki/ nini.
4. Istilah séjénna
Adi Beuteung, adina pamajikan/salaki.
Dulur sabrayna, dulur misan, anak paman, bibi atawa ua.
Dulur teges, dulur enya, saindung sabapa.
Indung téré, pamajikan bapa, ngan lain anu ngalahirkeun urang.
Bapa téré, salaki indung, ngan lain nu ngalantarankeun urang lahir.
Anak tére, anak sampakan ti salaki atawa pamajikan.
Dulur patétéréan, anak indung/ bapa téré.
Cikal, anak panggedéna.
Pangais bungsu, lanceukna bungsu.
Bungsu, anak pangleutikna.
Baraya laér, baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna.
Teu hir teu walahir, teu baraya saeutik-eutik acan.
Bau-bau sinduk, baraya kénéh, sanajan geus laér.
Dulur pet ku hinis, dulur teges.
Karuhun, luluhur, jalma-jalma anu kungsi aya heulaeun urang,
🍃mudah2an aya mangfa'atna kanggo urang 🍃
Tatar Sunda
Pasundan
Pajajaran
Parahyangan



0 komentar:
Posting Komentar
Kumaha tah saur anjeun.....